kievskiy.org

Lirik Lagu Jalan Braga – Iis Dahlia dan Fakta di Baliknya

Iis Dahlia.
Iis Dahlia. /Instagram.com/@isdadahlia

Lirik Jalan Braga – Iis Dahlia

Jalan Braga, jalan intelék
Tidak boleh masuk kéréték
Béca, roda, bémo, Honda, jalanna muter
Ter datang ti kalér, gur kaburu lieur

Jalan Braga, mobil plat beureum
Perhiasan emasna reunceum
Tahan harga, jaga géngsi, meuli tarasi
Duh, kukurilingan, har teu beubeunangan

Jalan Braga, tempat shopping jalma gedé
Soal harga, itu mah soal sapélé
Tongtonan nu gratis, pamér mode nu gareulis
Gulak-gileuk, ucat-acet, nu nénjokeun panas-tiris

Jalan Braga, tetep teu robah
Teu galideur tahan sajarah
Gunta-ganti henteu milu cara nu séjén
Duh, jalan nu patén, héi, jalan konsékwén

Jalan Braga, heurin ka gigir
Satengahna béak ku parkir
Pareng macét lalu lintas hésé rék mundur
Duh, baeud nu ngatur, keun wayahna sabar

Jalan Braga jadi jalan kelas siji
Jadi catur pangimpian urang sisi
Pusat perdagangan, urat nadi Kota Kembang
Pageuh, kuat, Jalan Braga ngarojong ka balaréa

Jalan Braga, jalan intelék
Tidak boleh masuk kéréték
Béca, roda, bémo, Honda, jalanna muter
Ter datang ti kalér, gur kaburu lieur

Jalan Braga, mobil plat beureum
Perhiasan emasna reunceum
Tahan harga, jaga géngsi, meuli tarasi
Duh, kukurilingan, har teu beubeunangan

Terkini Lainnya

Tautan Sahabat